|
Aseuk
|
nyaeta |
Paranti ngaseuk
biasana di kebon
|
| Baliung | nyaeta | Pakakas tukang kai nu bisa digalar-digilir jadi patik atawa jadi rimbas |
| Bandring | nyaeta | Paranti maledog-maledogeun batu |
| Bedog | nyaeta | Paranti ngadek |
|
Congkrang
|
nyaeta |
Paranti nyaca
|
|
Dekol/kampak
|
nyaeta |
Paranti ngadek tur
bisa dipake nakol saperti paku
|
| Etem | nyaeta | Paranti ngala pare (dibuat) |
| Gacok/garpuh | nyaeta | Paranti macul nu taneuhna loba batu atawa cepel supaya taneuhna jadi genbur sakapeung dipake nyingkal. |
|
Gaet
|
nyaeta |
Paranti ngait nu make
beusi tur digagangan.
|
| Geggendir | nyaeta | Paranti neunggeul nu beurat, dijieunna tina kai atawa beusi. |
| Gobang | nyaeta | Saperti bedog ngan panjang. |
| Gondewa | nyaeta | Paragi mentang jamparing. |
| Jamparing | nyaeta | Panah, dilepas make gondewa. |
| Jara | nyaeta | Paranti ngaliangan kai atawa awi, dijieunna tina kawat. |
| Kikir | nyaeta | Paranti ngasah ragaji. |
| Kored | nyaeta | Paranti miceunan jujukutan. |
| Kujang | nyaeta | Paranti ngadek atawa newak, pakarang urang sunda baheula ayeuna dipake lambang kasusastraan . |
| Sumpit | nyaeta | Paranti ngala lauk, dijieunna tina tamiang make paser |
Pakarang
Langganan:
Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar