NGARAN-NGARAN
PETEMPATAN
| A. Di imah | ||
| Kolong | Nyaeta | tempat kosong nu ayana di handapeun barang atawa tempat |
| Tepas | Nyaeta | tempat cicing atawa niis ayana di imah panggung |
| Pawon/dapur | Nyaeta | tempat anu ayana dijero imah paling tukang |
| Goah | Nyaeta | ruang leutik dijero imah tempat neundeun beas jeung gentong |
| Pipir | Nyaeta | tempat anu ayana di gigir imah |
| Pakarangan | Nyaeta | tempatna aya di luar imah |
| Buruan | Nyaeta | tempat anu ayana di luar imah |
| Teras | Nyaeta | tempat nu ayana di hareupeun imah |
| B. Di Luar Imah | ||
| Alun-alun | Nyaeta | tanah lapang harepeun kabupaten, kacamatan jste |
| Babakan | Nyaeta | leumbur anyar rada anggangti lembur sejen. |
| Babantar | Nyaeta | bagian wahangan anu leah sarta deet. |
| Bobojong | Nyaeta | jojontor taneuh nu nyodor ka cai. |
| Bubulak | Nyaeta | sabangsaning tegalan anu pinuh ku jukut dilampoing atawa pasir. |
| Lamping | Nyaeta | bagian gunung atawa pasir antara puncang jeung tutugan. |
| Leuwi | Nyaeta | bagian walungan anu jero, biasana lega. |
| Muara | Nyaeta | tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut, atawa walungan gede jeung walungan leutik, |
| Pasir | Nyaeta | gunung leutik sarta handap. |
| Reuma | Nyaeta | tanah darat urut huma. |
| Sampalan | Nyaeta | tegal di tengah leuweung tempat nyaratuna sato jarah. |
| Tetelar | Nyaeta | taneuh darat tengah sawah nu teu kacaian, sok dipake pangangonan atawa jalan anu rata tur lempeng, aya tatangkalan atawa lenglang. |
| Tepiswiring | Nyaeta | sesebutan sejen keur pasisian atawa pilemburan |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar